Cute Pink Flying Butterfly Vennypasya: Kacida Endahna Lembur Kuring

Minggu, 04 Desember 2011

Kacida Endahna Lembur Kuring

Panon poe isuk-isuk nyaangan alam
Alam anu endah tur asri
Sora manuk disarada kacida waasna
Saha bae anu nyaksian meunang katentreman

Hate saha anu teu bungah ?
Hate saha anu teu waas ?
Ningal pamandangan nu kacida legana
Loba tatangkalan nu harirup

Lembur kuring
Lembur nu di anti-anti
Dimana bae kuring aya
Inget bae kana lembur kuring

Lembur kuring nu endah
Lembur kuring nu asri
Kabagjaan kanggo saluruh jalma
Jadikeun lembur kuring sorga anu suci

0 komentar: